:::: MENU ::::
  • Rendi Rohaendi Purnama Sidik

  • Personal Blog

  • Cacing yang bermimpi terbang

Assalamualaikum Wr. Wb.


Sampurasun !!

Dina kasempatan ieu, sim kuring bade netela perkaos biantara... muga mugi tos maca ieu pertelaan tiasa kengeng mangfaatna... aamiin...

Biantara

Biantara nyaeta : Proses komunikasi antara nu nyarita jeung nu ngaregepkeun kalayan miboga tujuan nu tangtu.

Syarat biantara : 
  1. Diteupikeun di hareupeun jalma rea.
  2. Aya tujuannana
Systematika atawa struktur naskah biantara :
  1. Bubuka, bubuka ieu kabagi 3, nyaeta : salam bubuka, muqodimah, jeung neupikeun panghormat kanu hadir.
  2. Eusi, ieu bagian nyaeta mangruoa eusi tina biantara.
  3. Panutup, panutup kabagi 2, nyaeta : sanduk-sanduk atawa menta hampura jeung neupikeun du'a, jeung Salam panutup.
Faktor - faktor anu ngalantarankeun biantara dipikaresep ku balarea :
  1.  Tatag nyaritana : Dina biantara urang kedah nyarita nu tetela atawa jelas, tong mindeng ngarandeg. 
  2. Aktual temana : Tema dina biantara teh kedah nu anyar, ulah anu heubeu, atawa anu tos aya, atawa, tos lila.
  3. Munel eusina : Biantara teh eusina kudu aya mangfaatna atawa loba pulungeunnana.
  4. Alus basana : Biantara teh seni nyarita, ku kituna dina biantara kudu direumbeuy ku mamanis basa, saperti paribasa, babasan, sisindiran, gaya basa.
  5. Ngandung wirahma : omongan dina biantara kudu nohonan wirahma, panjang pondokna, tarik launna, luhur handapna.
Metode maca biantara :
  1. infrom to atawa ngadadak.
  2. Naskah
  3. Hapalan
  4. Tenpora atawa garis badagna dicatet.


                    Mung eta, anu tiasa didugikeun, hapunteun bilih aya anu tt acan kumplit, atanapi aya anu salah pengetikanna. Da sim kuring mah garaoskeun jalmi anu teu luput tina kasalahan. Muga mugi artikel ieu aya manfaatna...
Hatur nuhun kangge perhatianna.
Wassalamualaikum Wr. Wb.

0 komentar:

Post a Comment

A call-to-action text Contact us